YAYAN JATNIKA MAWAR BODAS LYRICS
mapay jalan satapak
ngajugjug ka hiji lembur
henteu karasa capena
sabab aya nu diteang...
hujan angin dor dar gelap henteu aya keur ngiuhan
sanajan awak rancucut teu paduli kajeun teuing
nu penting mah asal nepi ka tempat anu di tuju
rek ngalongok mawar bodas nu moal lila kaala
sugan tea moal gagal kembang
geus aya nu boga
balik teh asa ngoleang lempang ge asa ngalayang
teu kasawang ti anggalna
teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri hate hoream teu sudi teuing
mikiran pipanyakiteun... mikiran pipanyakiteun
YAYAN JATNIKA MAWAR BODAS lyrics are property and copyright of their owners and are provided for educational purposes and personal use only.